Ari pandita Gotama, geus dicaritakeun, putraan Subali, Sugriwa jeung Anjani.
Subali putraan ti Dewi Tara (ngarebut ti Sugriwa), nya eta Anggada. Ari Anjani putraan Anoman.
Tah eta sarsilah ti Sang Erriya, putra cikal Dewasana.
Ayeuna sarsilah ti putra Erriya nu kadua, nya eta ti Wisanggeni;
Wisanggeni putraan dua pandita. Nu cikal Suwandageni, bungsuna Jamadageni atawa sok disebut Rama-Bargawa.
Suwandageni putraan dua, lanceukna Suwanda (nu keur ngorana disarebut Sumantri), adina Soka-Srana, rajaning goreng-patut.
Jadi perenah-perenahna teh kieu:
Errya jeung Wisanggeni dulur.
Kartawirya/Gotama ka Suwandageni/Jamadageni perenah misan.
Arjunasasrabahu ka Subali/Sugriwa/Anjani jeung ka Suwanda/Sokasrana perenah mindo.
Tapi ari Anggada ka Anoman mah kakara misan. Eta dua Pangeran-Monyet teh ka Arjunasasrabahu teh paman-mondo.
Ieu sarsilah perlu diapalkeun, patali jeung gular-gilirna carita.
Kocapkeun Sumantri ku ramana (Suwandageni) dipiwarang kumawula ka Arjunasasrabahu di Maespati. Tapi diomat-omatan pisan, ulah nembongkeun maneh yen baraya, kudu sakanyahoan-kanyahoanana ku raja bae, era, bisi teu diaku, heug matak nyeri hate.
Sokasrana anu goreng patut tea, hayangeun milu, tapi ku lanceukna jeung ku ramana dilarang keras. Dibabawa ge matak era bae, nilik sakitu goreng patutna mah. Ari goreng patutna tea kieu:
Dedeganana beke-pecekrek, bitis pacer sagede elekan, ari pingping ranggoas, teu saimbang. Biritna songgeng ari walikat ngabungkul, atuh tonggong teh mani jiga sela.
Hariguna dada-manukeun, ari beuteung burayut jiga kanderon butut, dipapaes ku dosol mani sajeungkal orok. Taktakna sondaý cara korang, disangsangan leungeun pating logodor jiga doran