atah raut, heug dampal leungeun meber jiga pepet kapiting, kalah ka ramo paranjang barengkung nyeples suku rajungan. Sirah jendol bari penjol, diimbangan ku tarang nongnong, surup ka panon tinglalepot jarero rada serek kaiuhan ku buluna jiga curugan leuit. Irung meber bawaning ku pengek saluhureun sungut cewaw nepi ka deukeut ceuli ditambahan biwir jebleh cara biwir seeng. Huntuna jaba ti anggaresol teh bari ranggeteng mani renges. Pamustunganana, ceulina bet kupluk! Teu kudu diitung ari buuk ngaringkiwing jiga injuk dikoreh hayam mah.
Tapi, kersaning Dewa, sakitu goreng patutna teh, ari saktina mah manggulang-mangguling, mahambara mandraguna ngelehkeun satria.
Tah Sokasrana eta hayangeun milu, tapi pada nyarek. Moal enya teuing Sumantri anu sanajan putra pandita di gunung ge sakitu kasepna tur boga sorot menak, wantuning terusing ratu rembesing kusumah, bet kudu babarengan jeung anu sakitu goreng patutna.
Sabot Sokasrana balangah, kencling Sumantri mah indit, sasatna minggat, nu terangeun ngan pandita.
Datang ke Maespati, ku Arjunasasrabahu heug ditarima, tapi kudu neang heula piprameswarieun di nagara Magada. Nagara Magada tadina diratuan ku Raja Citradarma. Barang pupus, dituluykeun ku putra, jenengan Citragada. Rayina namina Citrawati, titisan Dewi Sri. Waktu ieu carita kajadian, Magada teh keur dirurugan ku raja Darmawasesa ti nagara Widarba anu hayangeun ka Citrawati.
Ari Arjunasasrabahu, palayna ka Citrawati teh lain samanea. Sabab eta Arjunasasrabahu teh titisan Wisnu di Maespati teh geus sadia putri dalapan ratus, parawan gareulis ti raja-raja patalukan. Ku Arjuna (urang ringkeskeun kitu bae nami raja teh) moal waka ditampi, moal geureuhaan upama lain ka titisan Dewi Sri. Padahal tacan kajodokeun ka Citrawati.
Gancangna carita, Sumantri anu hayang katarima kumawula teh nyanggupan. Di Magada ditampa kalawan hormat pisan ku Citragada, malah Citrawati ge teu nampik kana kapalay Arjuna, ngan aya kandana, nya eta tumpes heula nu ngarurug di Widarba,