Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jeung dina kawin engke hayang diobeng ku putri dalapan ratus.

Lamun eta pamenta anu dua rupa henteu kalaksanakeun duanana, kajeun teu boga salaki bae saumur hirup.

Sumantri tadina ngarasa wegah ari make kudu ngayakeun putri pangobeng dalapan ratus kitu mah.

Tapi ku raja-raja anu harita marengan Sumantri ti Maespati, diharewosan, yen perkara putri nu dalapan ratus mah babari, sabab sasatna geus nyampak di Maespati, pangbakti ti para raja patalukan.

Jadi kari nyanghareupan musuh bae ayeuna mah. Nya kajadian perang antara Maespati anu dikapalaan ku Sumantri jeung balad Widarba nu diluluguan ku Darmawasesa. Malah Widarba teh dibantuan ku balad nagara Jong-Garba nu dirajaan ku Jong-Girupaksa, dulur Darmawasesa misah ibu.

Raja Widarba jeung Jong-Garba kasoran ku Sumantri, perlaya ngemasi pati. Balad katut para putrina dibaroyong, baris disanggakeun ka Maespati.

Sumantri ngiberan ka Arjuna, yen perang unggul. Citrawati geus sidik kersaeun dipigarwa ku Arjuna, asal diobeng ku putri dalapan ratus dina rendengan.

Walonan ti Maespati, nyanggupan ngayakeun putri pangobeng dalapan ratus. Burudul ti Magada budal nyandak putri katut boyongan.

Geus deukeut ka nagara Maespati, Sumantri bet kaberean ujud.

Sumantri teh bet hayang nyaho kana jajaten dunungan, dumeh acan dipecak. Kainggisna, hanas dipake dunungan, ari wewesan bet cetek. Upama kajadian kitu, cek pikir Sumantri, atuh kudu sabalikna, nya eta Arjuna nu ngadunungan ka Sumantri.

Gancangna carita, Arjuna ku Sumantri ditangtang, diajak naker jajaten.

Nu ditangtang kaget, atuh panantang teh diayonan. Dina ngadu kasakten, Sumantri ditangkeup ku Arjuna ku leungeun anu sarebu, atuh teu bisa polah masing amuk-amukan adug-lajer oge, awak karasana mani asa pasiksak. Sumantri totobatan. Arjuna

88