Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ulun kumawula ka Sugriwa, malah dibahanan balad sapirang-pirang. Ku Sugriwa ditampa kalawan bungah; atuh Kiskenda teh jadi pohara tohagana. Anila diangkat jadi patih ari Anoman jadi senapati.

Eta Anoman, kungsi ngadeuheusan ka uana, Subali di Sunyapringga, sarta ku Subali di jiad kawaluyaan.

Nyelang heula sakeudeung.

Balik deui heula ka gunung Sukendra, tempat pandita Gotama tatapa.

Sang resi teh kagungan dua gandek, pangasuh Subali-Sugriwa, tunggal baraya keneh. Nu hiji ngaranna Jambawan[1]) ari nu hiji deui Pututmenda, manusa tandukan jiga embe.

Eta dua pangasuh, nyarusul asuhanana, apruk-aprukan ka unggal madhab, weleh teu kapanggih bae. Ari jol ka situ Sumala. Kabita nenjo cai, brus marandi, ari haranjat bet baruluan sakujur badan. Lantaran era balik deui ka lembur, tuluy leuleuweungan, gok amprok jeung Subali. Sanggeus sosonoan, ku Subali dijurung terus ka Kiskenda, ngawula ka Sugriwa nu geus jadi raja monyet sarakti.

Katambahan ku Jambawan jeung Patutmenda atuh Kiskenda beuki reugreug bae.

Urang tunda heula lebah dieu.

Balik deui nyaritakeun Rahwana.

Ieu raja anu ngarasa jadi lalaki langit lalanang jagat teh dina hiji mangsa ngadon sukan-sukan di Nusamanik, hiji pulo di tengah walungan gede.

Kabeneran harita raja Arjuna jeung Citrawati oge keur macangkrama, sukan-sukan di hilireun Nusamanik.

Citrawati palay lalayaran, tapi walungan teh supaya dibendung heula. Arjuna nu geugeut ka garwa, teu talangke, jleg bae ”tri-wikrama“, salirana ngalinggirik saged gunung, tuluy ngedeng malang ngahalangan palidna cai. Cai walungan teh teu


91
 
  1. 1) Aya nu nyarita, magar ieu Jambawan teh engkena jadi mertua Kresna, dumeh putrana, Jambawati, dipigarwa ku Kresna. Tapi sakaterang mah, Jambawati garwa Kresna sanes putra ieu. Jeung ongkoh ku asa jauh teuing “jamanna” ti ieu ka Kresna teh.