Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

na nenjo Rahwana, raja agung nyakrawati bahudenda, sakti pilih tanding, dipikaserab ku sajagat, ayeuna nyandang tatali, ngabugigag teu empes-empes bangun lesu.

Balad-balad Alengka harita mabur katawuran, jaba ti patih Prahasta (paman Rahwana) anu satia jeung sawatara senapati nu satuhu, ngadeuheusan ka Arjuna, nunuhun supaya Rahwana ulah dipaehan, hade lamun dihampura bae bari disumpah sarta disina jangji, yen moal deui-deui ngalampahkeun goroh-bohong palacidra, sumawonna make jeung nganiaya atawa maehan papada kawula mah. Cindekna, sina adil palamarta anu nyaah ka rayatna.

Arjuna teu waka ngedalkeun putusan, baris ditimbang-timbang heula. Rahwana anu mimiti eling tina kapaehanana, nyoba-nyoba ngagurinjal, tapi batan lesot mah tatali teh kalah siga kulit jeung daging, unggal usik unggal asa beuki pageuh.

Regeyeng Rahwana dimuatkeun kana kareta, digojodkeun bae cara babandan ilahar, rek dibawa ka pasanggrahan ditembongkeun ka Citrawati.

Harita budal ti pangperangan bari ngiringkeun babandan jeung boyongan. Sora tatabeuhan jeung susurakanana balad Maespati mani ngaguruh, eundur-eundeuran.

Kacaritakeun, di antara buta-buta Alengka teh aya buta pangiring, ngaranna Sokasrana (kahade pahili jeung Sokasrana adina Suwanda).

Ieu buta Sokasrana, pangiring anu pohara kadeuheusna, waktu ribut-ribut paburia rea buta Alengka kalabur ti pangperangan teh manehna ge kabur, ninggalkeun dunungan anu tetela eleh. Ngan kaburna ieu mah aya bedana ti nu lian, lain nyumput, tapi malah ngahaja ngadeuheus ka Citrawati, tapi nyamur, ngarupakeun manusa biasa.

Ku Citrawati ditampa ngadeuheusna. Sokasrana teh bebejana, magar Patih Suwanda jeung Raja Arjuna katut pirang-pirang senapati kasambut di pangperangan, teu kuat ngayonan panarajang Alengka.

Citrawati percaya ka eta panipuan. Malah komo barang ngadenge ngaguruhna nu susurakan jeung tatabeuhan mah, ku Sokasrana dibejakeun, magar eta teh abrulan Rahwana anu

93