Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

daratang arek ngaboyong Citrawati jeung para putri anu dalapan ratus.

Ku Citrawati teu dipapay panjang, eta buta anu ngarupakeun manusa bageur teh dipercaya bae. Harita keneh Citrawati katut putri dalapan ratus maehan maneh, nyuduk diri ku masing-masing patremna.

Geus karuhan Citrawati jeung para putri paraeh mah Sokasrana oge gura-giru nyingkah sarta ngarasa puas dumeh boga rasa geus mangmaleskeun Rahwana.

Raja Arjuna ningali para geureuha parupus, atuh puguh bae prihatin. Ari dipapay magar aya jelema anu bebeja yen Arjuna jeung Suwanda kasambut, sarta Rahwana datang arek ngaboyong. Ku kituna para garwa milih perlaya belapati, tinimbang beunang diboyong ku buta sarakah cara Rahwana, masing raja agung oge, buta mah buta bae.

Pudigdig Arjuna bendu, karepna mah bumi rek dibasmi disaatkeun ka laut-lautna.

Dewa anu ngageugeuh laut jeung cai, waspada yen Wisnu rek ngagempur jagat. Geuwat nembongan bari mawa cai kahuripan, anu kasiatna bisa ngahirupkeun jalma anu paeh ku panipu deungeun. Eta Dewa teh nya eta Batara Baruna.

Ku kasakten Baruna, sakabeh anu maraot jadi wadal tipu Sokasrana, kabeh pating korejat harirup deui.

Teu dicatur anu sosonoan jeung para garwa. Kocap Sang Arjuna bade nibankeun hukuman pati ka Rahwana anu sakitu ngagalaksakna.

Rahwana anu keur dibere apes, geus sumawonna bisa ngalawan, sakalieun obah ge daging asa dikeureutan, awahing pageuhna tali nu ngaborogod awakna. Gawena ngan ceurik lewa-lewe cara budak leutik.

Harita teh lungsur Narada, ngemban timbalan Batara Guru, yen Rahwana tacan nepi ka mangsana ajal, panjang keneh lalakonna. Ulah dihukum pati, hade disumpah bae, yen saterusna arek hirup bageur.

Arjuna teu baha kana kersa Dewa. Rahwana diudar talina. Sanggeus disumpah, yen kudu hirup bageur, tuluy dijurung balik

94