ka Alengka. Arjuna oge budal, marulih ka Maespati, ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, kamashur ka mana-mana yen raja Maespati nu ngaran Arjunasasrabahu teh raja adil pinandita.
Sanggeus sawatara taun Sang Arjuna nyakrawati di Maespati kalawan dipiwedi asih ku rayatna, dipimitra ku sasama raja, hiji mangsa ilapat narembongan, yen Sang Wisnu anu dumunung dina salirana, ayeuna geus mangsana mulih deui ka sawarga, dumeh dunya geus kerta-raharja, repeh-rapih sakolong langit, ”tugas“ Sang Batara geus punah, teu aya deui padamelan. Kitu deui Sang Dewi Sri anu dumunung dina salira Citrawati, geus nepi ka jangji kedah mulih deui ka asalna.
Tapi eta kabeh kudu aya pilantaraneunana, henteu kaci sapupus-pupusna, kudu hilang ku pakarang batur.
Hiji mangsa Sang Raja ngersakeun bubujeng ka leuweung.
Tunda heula.
Tadi di luhur, dina sarsilah kungsi diterangkeun rundayan-rundayan raja Dewasana nu nyakrawati di Maespati. Geuning di dinya disebut-sebut dua pandita sadulur, nya eta Suwandageni, (rama Suwanda (Sumantri) jeung Sokasrana), jeung pandita Jamadageni osok oge disebut Rama-Bargawa atawa Rama-Parasu, dumeh sok mamawa panah anu gondewana liwat saking gedena, sagede tangkal jambe teh lain bobodoan, malah eta panah disebutna ge “Bargawastra”[1]). Jaba ti panah, eta pandita teh sok mamawa kampak (parasu), nu matak sok disebut Rama-Parasu atawa Parasu-Rama.[2])
Beda jeung Suwandageni, ari Jamadageni alias Rama-Bargawa mah tatapana teh saba leuweung, apruk-aprukan henteu puguh nu dijugjug, leuleumpangan henteu eureun-eureun.
Ari anehna, sajaba ti resep jeung daek tutulung ka sakur nu diteungteuinganan atawa nu ngarandapan ka-teu adilan teh, bet sok resep ngajajal jajaten para raja jeung satria anu amprok di tengah leuweung. Ari sababna, dumeh cek wangsit Dewa, eta