Lompat ke isi

Kaca:Padalangan 1.pdf/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Rama-Bargawa atawa Rama Parasu teh, isuk jaganing pageto bakal eleh jajaten nepi ka paeh ku raja nu gelarna ka dunya jadi titisan Wisnu. Jadi, ari saenyana mah ngajak ngadu wewesen ka unggal raja anu paamprok teh lain kajurung ku hasud atawa takabur, tapi ngan wungkul nyiar lantaran ”sampurnaning pati“.

Hiji mangsa eta Ki Pandita-Mahiwal teh keur apruk-aprukan di leuweung, bet amprok jeung Arjuna nu keur moro.

Sakumaha kabiasaanana, eta raja teh (nu cek pancakaki mah perenah alo-misan Jamadageni, tapi henteu pada terang), ku pandita dikeukeuhan diajak ijen. Ari Arjuna, atuh da henteu boga alatan pasea, mimitina keukeuh mugen teu daek diajak rebut-pati. Tapi Jamadageni, keukeuh bae, malah nyieun peta pikakeuheuleun. Atuh ger bae perang tanding, paman jeung alo anu pada teu terang teh, pohara ragotna.

Jamadageni salah itungan, sabab manehna acan nepi ka pastina kudu paeh ku titisan Wisnu nu eta. Ieu mah kalah sabalikna, anu perlaya teh Arjuna, geus nepi kana ajalna, mulih, jadi deui Wisnu.

Sapupusna Arjuna, Citrawati oge nyuduk salira, bareng jeung geureuha anu dalapan ratus.

Nya harita mangsana Wisnu mulih ka Wisnuloka teh, Memeh ngahiang, Wisnu anu geus ngabatara teh sasauran heula ka Jamadageni: “Ulah leutik hate, maneh Jamadageni. Ajal maneh lain ku Wisnu anu dumunung dina awak Arjuna putra Kartawiria, tapi saturunan deui, nya eta ku Wisnu anu nitis di Ragawa, putra Dasarata di Ayodya.

Dagoan bae nepi ka mangsana, engke.”

Urang tunda Arjuna nu jadi deui Wisnu jeung Rama-Bargawa. Lalakon ieu pandita baris kasampeur deui dina ”Batara Rama”

Gancangna carita . . . .

Pupusna Arjunasasrabahu geus kawartakeun ka sakuliah jagat, malah Rahwana oge geus terangeun.

Kaharti upama ”kasakitna” kanceuh teh. Terang yen ayeuna geus teu aya anu dipigimir, atuh hawekna, angkarana, murkana jeung sarakahna teh jadi deui. Komo ieu boga pangiring macem buta Sokasrana, buta jail anu ngarah kuah beukah mihapekeun

96