Lompat ke isi

Kaca:Paeh Kapaksa - Jilid III.pdf/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

"Tah pantes ari geus kieu teh jeuh..... Kamana si Rohendi teh luas leos wajah kieu tanpa permisi ka pribumi? Teu bener tah kalakuan teh sarua djeung ngahinakeun ka Apa nja Lina? Keun urang papatahan lamun engke enggeus datang." Tjeuk djuragan Wibawa bari lurat lerek ka kulawarhana.

"Leres Pa.........Kawas pendjahat bae kang Rohendi mah, ari tadi asup ka kamar ari ajeuna bet henteu aja di kamar.......Hemh dasar kang Rohendi....." Djawab Lina bari djebi kawas ngewaeun.

"Bu......Ibu didieu bae sareng si Asdi, Apa djeung Lina rek maluruh heula bisi den Hikmat tjilaka." Tjeuk djuragan Wibawa bari neuteup ka istrina.

"Mangga Apa......Enggal atuh watir bilih kumaha onam, sareng kamana atuh Rohendi teh ngahariwangkeun nja?" Djawab ibuna bari ngahuleng.

"Haju Lina kaluar, keun antep anu euweuh mah." Tjeuk djuragan Wibawa bari terus kalaluar dibarengan ku Neng Lina, sanggeus araja diluar kakara ditariung ku djas hudjan, lantaran djas hudjanna ngan hidji kapaksa bae dipakena ku duaan.

Braj braj braj djuragan Wibawa njorot2keun batrena atuh tjaangna batre teh nembus kana tji hudjan anu muruhmuj, sarta terus saluruh pakarangan imah anu dieusian ku den Hikmat teh disorotan ku eta batre, barang braj njorotna ka lebah pipir gebeg djuragan Wibawa ngarendjag, malah leumpangna oge eureun heula, sarta pok an-

5