4
Boedak ge koedoe moedji ,
Ngagoengkun ka Allah .
Moedji , moedji ,
Ngagoengkun ka Allah.
Djadjaran kalima djung kagenep koedoe dinjanjikun doewa kali, goena dibèdakun sautik.
5. NGARAN JESOES.
1. Aja hidji Goesti loehoer pangkatna,
Ngaranna gus sohor ka mana-mana;
Laksaan djalma noe njanggakun hormat,
Sareng diparoedji koe malaikat;
Tatjan , tatjan njaho manèh
Saha èta Goesti anoe sohor tèh?
2. Ari èta Goesti ngaranna Jèsoes;
Hartina Jèsoes tèh moetoeh koe aloes:
Noeloengan ka djalma noe uwuh harga,
Njalametkun anoe baroga dosa.
Saha, saha noe pertjaja
Munang panghampoera ti Goesti èta.
3. Gede kawasana èta Goesti tèh;
Asihna katjida ka djalma kabèh;
Sakoer anoe noeroet ukur di doenja,
Murun ditjarandak kana sawarga.
Koering, koering hajang pisan
Dipaparin asih, dikaroenjaan.
6. KAASIHANANA GOESTI JESOES.
1. Koering narima kaasihan
Goesti Jèsoes, langkoeng rosa ;
Gus loengsoer tina palinggihan,
Ka koering noe loba dosa.
Ngabantoen berkah ti Pangèran,
Noe matak hatè koering heran.