Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    beunang ngajak samamargi
    nya kenging ngandung ibuna
    ti kang rama awit nitis

    hasil memilih sepanjang jalan
    hasil mengandung ibunya

    dari sang ayah mulai menitis


  1. Kawitan ti asal enur
    mulana asal ngajadi
    sabulan Sang kumpa herang
    dua bulan kumpa hening
    tilu bulan gulung rasa
    opat sasih turun rohi

    Bermula dari cahaya
    asal mulanya terjadi
    (usia) sebulan disebut sang kumpa herang
    dua bulan rasa bergulung
    empat bulan turun roh

  2. Lima sasih-embut-embut
    genep sasih bisa malik
    tujuh sasih roh kudusna
    dalapan sasih wahdati
    kasalapan ujang medal
    nya sumping ka alam lahir

    Lima bulan mulai bergerak
    enam bulan bisa berbalik
    tujuh bulan roh suci
    delapan bulan wahdati
    bulan kesembilan engkau lahir
    muncul ke alam lahir

  3. Lungsur ti marga rahayu
    nya sumping ka marga bumi
    sumear di alam padang
    suka ibu rama nini
    dedeg jaya karanten
    pameget di kolong langit

    Turun dari jalan keselamatan
    maka datang ke marga bumi
    bersuara di dunia luas
    suka hatinya ibu ayah dan nenek
    dedeg jaya karantenan
    lelaki perkasa

  4. Nangtung dina kuwung-kuwung
    mipir-mipir katumbiri
    nyukang dina teja mentrang
    nyeleket na kilat tatit
    pangawak hejo carulang
    watek kaimpungan wargi

    Berdiri di atas kuwung-kuwung
    menyelusuri pelangi
    berjalan di atas cahaya terang
    naik di atas kilat
    kulit indah berkulit kuning
    pertanda disenangi sanak saudara

  5. Nyekel dipalis jukut
    masing titi sugih mukti
    mangka luas beurat beunghar
    loba duit buncir leuit
    sugih keton rea ketan
    salira jadi siwi

    Terhindar dari segala mara bahaya
    maka bijaksanalah maka berbahagia
    hidup berlimpah dengan kekayaan
    banyak uang banyak banyak simpanan
    berlimpah tak kurang pangan
    engkau jadi anak

  6. Seuweu Ratu kedah tumut
    putra mantri kedah tilik

    Contohlah anak raja
    contohlah anak mantri

99