Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nu agung linggih di Raja
nu endah lebah di Gusti
dilingkung para juwita
dibanding prawidadari

keagungan raja
keagungan pembesar
dikelilingi gadis-gadis jelita
diapit para bidadari

14. Guru ratu kudu tumut
para wali nu ti gigir
ibu ramana ti tengah
ti pungkureun sanak wargi
ti luhur para Malaikat
nu ngabagikeun rejeki
14. Guru Ratu harus diturut
para wali yang dari samping
ayah bunda dari tengah
dari belakang sanak saudara
dari atas para malaikat
yang membagikan rizki
15. Puter kurung na panyambung
bulu bitis kawas picis
tapak jalak dina letah
raja kalang dina pipi
raja wahana na dada
satria jalantir kuning
15. Tanda puter kurung pada hidung
bulu betis seperti berpusar-pusar
tanda tapak jalak pada lidah
tanda raja wahana pada dada
tanda raja kalang pada pipi
ksatria tampan semampai
16. Nu nilik skabeh wuyung
nu ningal sadaya asih
ngembeng panjangan budina
nu linggih midang tipeuting
ulat manis ngembang mencrang
midang siang anom sigit
16. Siapa yang melihat merasa rindu
siapa yang melirik semuanya sayang
tercermin dari budi perangainya
yang pendiam apabila keluar malam
perangai manis bercahaya
keluar siang muda dan tampan
17. Sekar bingbin Jangarian
sekar kalapa cinunggi
sekar pinang di mayangna
sukur kamayangna teuing
disawer beas kuning
beas beureum anu hurung
kuningna kawas teja
ditingalna langkung resmi
ngagurilap herang mani siga emas
17. Bunga pisang bertandan
bunga kelapa cinunggi
bunga pinang pada mayangnya
betapa besar rasa sukur
disawer beras kuning
beras merah yang membara
bercahaya bagaikan sinar
tampaknya betapa indah
berkilau bening bagai emas
18. Nabi Yusup nu mayungan
disanding ku Nabi Idris
digenggem ku Rasulullah
murub sakuriling diri
18. Nabi Yusup yang memayungi
diapit Nabi Idris
digandeng oleh Rasulullah
bercahaya sekujur diri
100