Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

5. Nurut galur ti karuhun
ngungsi sari nu bihari
mapan bagja nu sampurna
gejlig tepi ka kiwari
teu beda ti nu baheula
rundayan ti sirah giri

6. Sirah muara di-Lutung
mani jadi getih daging
jadina sarwa sampurna
tulang sandi sapangeusi
dasar rembesing kusumah
tetes Hidayatullah

7. Sanggeus kumpul jadi agung
pupuja si nini aki
ngumbara di Pajajaran
diaping ku nu sawargi
dibabasan dingaranan
umatna Nabi sinelir.

8. Snelir dening Yang Agung
netepan jangjining Gusti
nu kecapna tara tuang
kiamuhu binapsihi
ngadeg ku Anjeunanana
sucina bawa ngajadi.

9. Sucina rungu pangrungu
tingalina nya ningali
capetang kasauran
saur bijil ti jasmani
ngilik basa ngagem rasa
rasa nu bijil ti sari

10. Mungguh dunya mere suluk
rugi untung nu dikawih
padahal ukur carita
aing teu kurang teu leuwih

5. Menelusuri jejak leluhur
mencari inti amanat dahulu
sebab kebahagiaan sempurna
tembus sampai masa kini
tiada bedanya dengan yang dahulu
bersumber dari hulu gunung

7. Setelah berkumpul maka agunglah
jadi pujian si nenek kakek
bermukim di Pajajaran
diasuh oleh yang seketurnnan
dijuluki, dinamai
umat Nabi pilihan

8. Terpilih oleh Yang Maha Agung
mengukuhkan janji Tuhan
yang diberitakan tidak pernah makan
Kiamuhu Binapsihi
tegak oleh dirinya jasmani
kesuciannya sejak semula.

9. Kesuciannya pendengarannya
pandangan yang memandang
fasih dalam bersabda
sabda lahir dari jasmani
mengkaji bahasa mengukuhi rasa
rasa yang terbit dari inti

10. Sesungguhnya dunia perlambang
untung rugi yang diramaikan
padahal hanya kata
aku tiada kurang tiada lebih

102