Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
11. Geuning disunatan nyeri
henteu ngeunah henteu nyari
napsu mah teu pati beuki
kapaksa bakti ka Gusti
da kitu tungtunan Nabi
ibadah masing gumati
11. Sakit rasanya dikhitan
tidaklah enak tidaklah senang
rasanya hati tidak mau
terpaksa pasrah kepada Tuhan
karena demikianlah tuntunan Nabi
beribadat hendaknya tiada terlupakan
12. Tah kitu kapalay sepuh
sakabeh oge pituduh
lain jalan-jalan henteu puguh
tos was-was tong asa-asa
nya nyembah ku Nu Kawasa
lakonan sabisa-bisa
12. Demikianlah keinginan orang tua
semua itu adalah petunjuk
bukan jalan yang menyesatkan
jangan bimbang janganlah ragu
bersujud kepada Yang Maha Kuasa
kerjakanlah sedapat-dapatnya

Cangkurileung

13. Cangkurileung 3 x
eunteup dina dahan cabe
Apa melang ka si Encep
teh apa nineung
nineung soteh nyawer teh
sakitu bae
13. Hinggap di atas dahan lombok
Ayah khawatir padamu,
Ayah selalu ingat
hanya sekianlah sawer ini
14. Nyieun panggung nutup sumur
asupna tina gapura
neda agung cukup lumur
neda jembar pangampura
14. Membuat panggung menutup sumur
masuknya dari gapura
mohon maaf sebesar-besarnya
15. Gapura di Malangnengah
ngaliwat bade ka imah
hampura ka nu lalenggah
mugia rarido manah
15. Gapura di Malangnengah
lewat hendak masuk ke rumah
maafkanlah wahai semua yang hadir
semoga dengansegala kerelaan hati

Kamanjuan

16. Pamungkasing sawer panembrana
ngiring dua ka nu Maha Mulya
mugi Gusti nu Malia Kawasa
maparin bagja nu utama
boh keur di dunya boh aheratna
16. Penutup sawer panembrana
turut berdoa kepada Yang Maha Mulia
semoga Tuhan Yang Maha Kuasa
memberi kebahagiaan yang sempurna
baik di dunia maupun di akhirat
110