ulah sirik ka pangampih
ulah nyawad ka nu lian
nu lian pikeun tuladan
hade jeung goreng disawang
ukur ka tangtung sakujur
sasaran di badan urang
Jangan mengiri yang lain
jangan mendendam sesama
orang lain sekedar contoh
untuk dijadikan teladan
baik dan buruk tergantung kita
diri sendiri yang mengalami
Sugih papacangan miskin
beunghar papacangan lara
hade papacangan goreng
bagja papaeangan nista
ari suka lah deudeuh teuing
anaking reujeung duka
ngariung bakal pahatu
tas suka bakal midangdam
Kaya berpasangan miskin
baik berpasangan buruk
mulya berpasangan nista
suka dan duka saling berganti
kita yang bersama-sama
akhirnya akan berpisah
Jemplang Titi
Ditedakeun ka nu agung
ujang nyai geura milik
nyeri peurih semet ema
hidep mah ulah prihatin
lunas kabeh dilalangan
kade poho ka pepeling
Kupanjatkan pada Tuhan
kalian berdua maklum
semoga banyak rejeki
tak mengalami prihatin
kesedihan ibu bapa
tak terwaris kepadamu
Mungguling saratna hirup
enggoning urang rarabi
kudu silih pikaheman
silih asuh silih asih
hirup kudu sauyunan
geus tinangtu mawa rizqi
Sebab persyaratan hidup
pada alam rumah tangga
harus saling menyayangi
rukun seiring sejalan
saling menitipkan badan
rezeki pasti berdatangan
Candra Wulan
Eling-eling mangka eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasar nya lampali
napsu nu matak kaduhung
badan anu katempuhan
Ingatlah dan resapkanlah
kita hidup di bumi
ibarat kehidupan wayang
raga tak punya kuasa
bila tingkah laku sesat
raga kita kan tersiksa