Ieu kaca geus divalidasi
Sinom
- 4. Rukun hirup babarengan
- Elmuning nu laki rabi
- Tutungkusan para Bujangga
- Ku hidep mangka kacangking
- Repeh rapih silih asih
- Runtut raut silih asuh
- Ka darat jadi salogak
- Ka cai jadi saleuwi
- Lara bagja garapeun hidep duaan
- 4. Syarat hidup rumah tangga
- pegangan suami istri
- amanat para pujangga
- peganglah dengan teguhnya
- hidup saling mengasihi
- hidup seiring sejalan
- ketika susah dan senang
- diri tak pernah berpisah
- ke mana pun selalu saja berdua
- 5. Hirup kumbuh rumah tangga
- Ku hidep perlu diaji
- Runtut rukun jeung tatangga
- Layeut geugeut reujeung wargi
- Welas asih ka si leutik
- Pacuan ulah adigung
- Sabab mulyana manusa
- Mungguh Pangeran ngan hiji
- Hina mulya dina martabat taqwana
- 5. Hidup rukun rumah tangga
- harus kalian jalani
- berdamai dengan tetangga
- sayang terhadap saudara
- mengasihi orang miskin
- janganlah berlagak sombong
- karena kemulyaan manusia
- dalam pandangan yang Esa
- hina mulya tergantung pada takwanya
- 6. Kade lali ka wiwitan
- Nu jadi margi ngabukti
- Ti barang gubrag gumelar
- Ibu rama nu miasih
- Ngatik ngaping beurang peuting
- Ngamongmong jeung ngugung-ngugung
- Memenan ku kaikhlasan
- Sungkeman bakti gumati
- Papacuan ulah tideuha manahna
- 6. Jangan lupa pada asal
- penyebab kelahiran kita
- dari tangisan pertama
- tak terlepas kasih sayang
- kasih sayang ibu bapa
- selamanya tak terputus
- memelihara dengan ikhlas
- kalian harus berbakti
- kalian jangan menyakiti hatinya
Kinanti
- 7. Tungkuseun anu katilu
- Dawuhan Nu Maha Rahim
- Hirup manusa di dunya
- Estuning ngan wungkul rugi
- Anging manusa nu iman
- Tigin yakin ka Yang Widi
- 7. Dan amanat yang ketiga
- sabda Tuhan Maha Rahim
- hidup kita di dunia
- kan tertimpa kerugian
- kecuali yang beriman
- meyakini Maha Esa
138