Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/170

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Dareuda

  1. Diwaleran ku nu geulis
    Aduh engkang sami wae
    ...ge cinta ka...
    ...serah jiwa raga
    bade dicandak ka mana
    ... moal pisan baha
    Duh...kakasih sayang
    Aku rindu menunggumu.

Asmarandana

  1. Masih langgeng silih asih
    lana silih pikaheman
    silih asuh bari soleh
    sarta silih alap manah
    tinangtu tumaninah
    raos beunghar manah sepuh
    dua pihakan baringah

  2. Eling-eling mangka eling
    rumingkang di bumi alam
    darma wawayangan wae
    raga taya pangawasa
    lamun kasasar lampah
    napsu nu matak kaduhung
    raga anu katempuhan

  3. Ya allah Gusti yang widi
    sanget abdi nya paneda
    barudak nu ngajarodo
    mugi mulus tanpa ceda
    tebih tina gogoda panjang punjung lulut sadu
    Tuna tina pangrobeda

    Robbana atiena fidunya chasanah
    wafil achiroti chasanah
    waqina adza bannar.

  1. Dijawab oleh si jelita
    saya pun demikian
    ...cinta kepadamu
    ...berserah jiwa raga
    ke mana pun kan dibawa pergi
    ...tak kan menolak
    Duh... kekasih sayang
    aku rindu menunggumu

  2. Semoga abadi saling mencintai
    abadi berkasih sayang
    saling asuh saling mengasihi
    saling menitipkan diri
    supaya hidupmu tentram
    orang tua pasti senang

  3. Ingatlah dan resapkanlah
    kita hidup di dunia
    ibarat kehidupan wayang
    raga tak punya kuasa
    bila tingkah laku sesat
    raga kita kan tersiksa

  4. Ya Allah Gusti Yang Widi
    kami memanjatkan doa
    semoga anakku berdua
    hidup bahagia
    dijauhkan dari bahaya