Lailaha ilallahu.
Anu Maha tunggal Gusti,
jembar dadamelanana,
eusi bumi eusi langit,
kalebet hidup duaan,
salira deudeuh anaking.Si arum mungguh di kalbu,
Si Wangi mungguh di batin,
Si Herang mungguh di rasa,
Si Wening mungguh di ati,
mungguh di rasa duaan,
di Apa Ibu Anaking.Anu wening anu arum,
anu herang anu wangi
ayeuna geus boga jangjang,
kiwari rek nedel bumi,
sampiung ka papantunan,
papantunan nu anaking.Arek nyusul alak-paul,
kahirupan lahir-batin,
rek neang bentang sulintang,
udagan satungtung nyaring,
pipiteun hidep duaan,
ageman hidep anaking.Ngajurung ka nu lumaku,
ngajaring ka nu rek indit,
ngajurung dumeh hirupna,
ngajaring ku dumeh asili,
kedalna mangrupa dunga,
waluya hidep anaking.Masingbisa ngitung-ngitung,
antara tangtungan diri.
jeung tataran hirup urang,
paeuanjantut di ahir.
Lailaha ilallahu
Maha Tunggal Tuhan Ailah
saugat luas ciptaanNya
isi bumi isi langit
termasuk anda berdua
dikaulah anakku sayangYang harum ada di kalbu
yang wangi ada di batin
yang bersih di dalam rasa
yang bening di dalam hati
pada rasa ku berdua
pada ayah dan bundamu.Yang bening yang harum
yang bersih yang wangi
kini telah mempunyai sayap
kini akan menekan bumi
terbang ke pengembaraan
pengembaraan hai anakkuKan menuju tempat jauh
kehidupan lahir batin
kan memetik bintang cerlang
tujuan selama hidup
untuk dipetik berdua
pegangan hidup anandaMerestui perjalanan
membimbing yang akan pergi
merestur hidupnya sebab kasih
ueapku berupa do’a
selamatlah kau anakkuSemoga bisa mengukur
natara pegangan diri
dengan keluasan hidjp kita
janganlah tidak terjangkau