Kutatambaga - Kutatandingan
Kutawaringin - Kutamaya -
Kutagedogan
Ngalaksa Puragabaya
Ngalaksa Jagabayana
Tameng dada Nagara
Tandon-tandang ingalaga
Ahung....ahung.....ahung
opat puluh ahung!
Nu bihari tanpa jirim
nu baheula tinggal ngaran
Ngahiang ka mandala wenang
Ngahening di mandala wening
Nu kari dina ciciptan.....
Dina kamari.....
Kalamangsa kalumbiri nutug leuwi
Limgit Nusantara burahay beureum
Tujuh Pahlawan labuh tumangan
Banjir getih reumbay citangis
Ibu Pertiwi dirungrum alum
Tapi,
Di tatap Kutawaringin
Para Pamuda digjaya madeg na
pamadeganana. arinyana nangtung
dina tangtunganana, ngahiji
Puragabaya bela Nagara
Nyandang ngaran MAHAWARMAN
Ngaran nu weweg ampeg
Daria ku cita-cita
Ngalastarikeun Pancasila
Lauung-layung langit
Layung mayung tunggang gunung
Sumilir angin maju ka burit
Mahawarman kabawa berewit
Di tatar Kurawaringin
Puragabaya nu nyandang ngaran
Mahawarman
|
Kutatambaga - Kutatandingan
Kutawaringin - Kutamaya -
Kutagedogan
beribu-ribu Puragabaya
beribu-ribu Jayabayanya
pembela negara
teguh tegar peperangan
Ahung.....ahung.....ahung
empat puluh kali ahung
Yang dahulu tak berujud
yang dahulu tinggal nama
menghilang ketempat asalnya
menyepi ditempat bening
yang tinggal dalam kenangan.....
Waktu lalu.....
Sewaktu pelangi meniti danau
langit Nusantara memerah warna
tujuh pahlawan gugur
banjir darah, banjir air mata
ibu Pertiwi berkabung
Tapi,
Di daerah Kutawaringin
Para Pemuda gagah teguh pada
pendiriannya. mereka tegak pada
pegangannya, bersatu
Puragabaya membela Negara
beroleh gelar MAHAWARMAN
gelaryang kuat teguh
Serius pada cita-cita
Melestarikan Pancasila
Lembayung
lembayung meniti gunung
semilir angin menuju magrib
mahawarman terbawa murung
di daerah Kutawaringin
Puragabaya yang bergelar
Mahawarman
|