Mun panonpoe geus lingsir
ninggalkeun tapak kaliwat
mulas katineung hate
engke mah mo datang tandang
da acara geus lekasan
nyukupan waktu saminggu
nyumponan papagon Unpad
Bila matahari terbenam
meninggalkan bekas yang silam
mewarnai kenangan hati
yang takkan kembali lagi
dengan tamatnya acara
memenuhi waktu seminggu
menepati kebiasaan UNPAD
Kidung
Pun sapun ka sang rumuhun
ka Nu Agung maha leuwih
amit sun seja tamada
bilik kirang tata titi
pangampura nu diteda
neda sihing pangaksami
Muja lagu
Kidung
Mohon ampun pada Sang
Rumuhun, pada yang Maha
Agung yang Maha Unggul
mohon izin mohon maaf
andai kurang kesopanan, maaf-Mu
kami pohonkan, mohon
keridhoan hati
Muja Lagu LIWUNG JAYA
Bulungbung jalan soraangeun
langitna geus teu haleungheum
ngembat jalan ka isukan anginna halon ngusapan
hatur nuhun ka Nu Agung
ngaijabah nanglayungan
pameredih abdi-abdi
mugi langgeng miasil
Terbentang jalan tuk dirintis
langit sudah tak mendung
terbentang jalan hari esok
angin terhembus halus mengelus
terimakasih Yang Maha Agung
menaburkan melindungi
permohonan hamba-hambamu
semoga selamanya menyayangi kami
KARATAGAN PAJAJARAN
Pajajaran lambang kamajuan
Panaratus jalan narawangan
Pajajaran panhunsi pangerti
sajatining harti nu hakiki
Pajajaran tempat nyiar elmu
ngagayuh panemu nu saestu
Pajajaran mupuk kamekaran
budi jeung pikiran kaahlian
Pajajaran kagurnita
sekar arum kaagungan lemah cai
hibar sinar Nusantara
tuduh jalan para seuweu siwi nagri
Pajajaran lambang kemajuan
peneratas jalan terbentang
Pajajaran tempat mencari ilmu
ilmu sejati yang hakiki
Pajajaran tempat mencari ilmu
mencari ilmu yang sejati
Pajajaran memupuk kamekaran
budi dan pikiran keahlian
Pajajaran termashur
bunga wangi Tanah Air
bercahaya Nusantara
petunjuk jalan para anak cucu