Awitan wiwitan nu iklas
iklas ti ati nu wening
wening pikir, wening rasa
rasa suci, rasa bersih
jirim hariring pepeling
ka sugri nu sami rawuh
manawi bahan katampi
pibekeleun ngambah dunya anu nyata
Sabadana hatur salam
malih para utusanana
ku kersana Nu Kawasa
Gusti anu Maha Suci
Reh maksud anu pinuji
geus kagembol geus kakemu
geus laksana sapaneja
diparengkeun aya bagja
tinggal ngala mangpaat dunya akherat
|
Diawali keikhlasan
ikhlas dengan hati tulus
bening pikir bening rasa
rasa suci, rasa bersih
inilah lagu peringatan
bagi semua yang hadir
semoga bisa diterima
'tuk bekal menelusuri dunia yang nyata
Setelah menghaturkan salam
Puji bagi Yang Widi
Pada para utusannya
kehendak Maha Kuasa
Tuhan Yang Maha Esa/Suci
bahwa niat yang terpilih
sudah terlaksana, telah terjangkau
terkabul sebagaimana yang diharapkan
ditakdirkan beroleh kebahagiaan
tinggal "memetik" manfaat dunia akhirat
|