BAB V TEKS PUISI SAWER MENURUT JENIS
5.1 Puisi Sawer Khitan
- No. :1
Penutur :Ny. Wartika; P
Umur :45 tahun
Pekerjaan :Juru sawer
Tempat : Tasikmalaya
- No. :1
Kalayan asma Pangeran
nu maha asih tur heman
ayeuna bade ngawitan
nyawer anu disepitan.Sami-sami ngahadiran
muga-muga janten jalan
mukakeun jalan pikiran
hingga caang narawanganPara saderek sadaya
istri pameget nu mulya
nyepitan jiga teu pira
seueur jalma nu mokahaPadahal mun dilenyepan
ku pikiran anu tenang
ieu teh tos janten korban
kuat nahan ti Pangeran.Ibuna sareng ramana
nyaahna kabina-bina
ka anu janten putrana
dijaga sapapanjangna.Ti barang gubrag ka dunya
dipangga didama-dama
diperhatikeun biangna
dijaga sapapanjangna.Mun reungit eunt reup ka budak
enggal ibu gugah cengkat
reungit enggalna ditepak
bari diusap ku wedakSang ibu tibra kulemna
budak nangis ngagandengan
enggal dirampa putrana
da bisi baseuh imbitna
237