Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/247

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Mun baseuh enggal diganti
    ku nu garing ati-ati
    tos beres disimpen deui
    kana tempal anu tadi

  2. Ningal kanyaah ibuna
    ka putra nu saestuna
    nya kitu deui ramana
    sami-sami teu aya bentenna

  3. Barang nineak dua taun
    malar ibu ramana bingung
    hariwangna teu kalangkung
    soalna parantos umum

  4. Budak kedah disepitan
    bari hajat sukan-sukan
    sakapeung sok raramean
    pesta bari pepeuneitan

  5. Sanajan anu teu boga
    tapi sok saaya-aya
    dahar ngumpul jeung baraya
    ngondangan para tatangga

  6. Putra anu dipusti-pusti
    anak lalaki ngan hiji
    dipotong harita pasti
    motongna manggil paraji

  7. Budak eeurik jejeritan
    nyerieun antep-antepan
    getih banjir na lahunan
    ngan saukur diupahan

  8. Ibu rama ngawas-ngawas
    ka putra anu dipiwelas
    harita dugi ka iklas
    henteu risi henteu reuwas

  9. Nu puguh mah sabalikna
    bungahna kabina-bina
    lantaran atos laksana,
    nyunat nujanten putrana

  10. Cobi ayeuna lenyepan
    ku kaom nu ngaku Islam
    nu parantos disepitan
    nganggo pesta sukan-sukan

  11. Na ieu teh tos sampurna
    ku pesta sareng sunatan
    bari ku daek sunatna
    sumawonna sareng jakatna

  12. Rukun Islam dipililian
    asal ngeunah eeuk sorangan
    eukup pedah tos disunatan
    teu kudu loba pikiran

  13. Make jeung ungked-ungkedan
    samak hayoh diciuman
    da ganjaran pamohalan
    ngagubrag kana lahunan

  14. Hirup mah cenah da gampang
    entong make halal haram
    nu datangna sambarangan
    ngahalangan kamajuan

  15. Agama dianggap satru
    sabab ngahalangan napsu
    nujahat ngalajur napsu
    taya bedana jeung asu

  16. Asal dahar jeung pakean
    nu jadi poko pikiran
    hirup henteu jeung aturan
    sungkan di hukum ugeran

238