Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/248

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Rarasaan teh rek lana
    hirup bakal salawasna
    hirup mo aya tungtungna
    padahal aya anggeusna

  2. Singhoreng teh geuning awak
    lamun ningal eunteung nyeblak
    reuwas hate geuning ruksak
    padahal teu tinggal wedak

  3. Dihantem diawas-awas
    rambut hideung jadi bodas
    waos anu bodas nyacas
    sadayana oge laas

  4. Kulii nu hejo carulang
    naha ayeima bet belang
    kokoloteun narumpangan
    dina raray ngagaralang

  5. Pangambung kuwung-kuwungan
    bet jiga nu ngarenyohan
    panangan kaya gondewa
    ayeuna teu walakaya

  6. Soca nu eureuleuk mencrang
    ayeuna cahyana kurang
    ningal oge ramang-ramang
    siga aya nu ngahalangan

  7. Para saderek miarsa
    mun enya urang kawasa
    pasti moal peot bisa
    nu datangna teu karasa

  8. Najan dokter tur Eropa
    teu sanggup nambahan nyawa
    sangkan hirup urang lana
    di dunya sakawasana

  9. Najan tukang jamu wetan
    bari nambah kakuatan
    malihara kangoraan
    ahirna mah kawalahan

  10. Sabab umurna ngolotan
    panyakii bet dararatang
    boson beser batuk rejang
    badan kurang kakuatan

  11. Teu cara waktu keur ngora
    tihothat neangan dunya
    sieun hirup lienteu lana
    poho ka Anu Kawasa

  12. Padahal wungkul tipuan
    ka urang teu ngabelaan
    najan urang jejeritan
    dina waktu moal datang

  13. Gedong sawah jeung tegalan
    ngan ukur ngalelewean
    urang balik ngan sorangan
    teu aya nu ngabaturan

  14. Caroge anu micinta
    ngan ukur hujaan cimata
    indung bapa sareng putra
    teu aya nu mirosea

  15. Ngan amaj anu nuturkeun
    henteu daek ditinggalkeun
    nu saena pibatureun
    nu salahna nyilakakeun

  16. Tah ieu sawer nyepitan
    muga ngajantenkeun jalan
    ka anu geus jaranggotan
    pamugi ulali elodan

239