Jeung urang teh tosdisunat
ibu rama atos hajat
kawin ge maca sahadat
ana kitu kade lepatEta teh papagon Islam
nyata hukum ti Pangeran
kari-kari dipilihan
neangan nu hampang gampangMun kitu taya gunana
sunatna jeung sahadatna
malahan tambah dosana
Islam sakadar ngarannaPanutup urang ngado’a
ka Pangeran Anu Mulya
murangkalih sing waluya
dirahmat ku Nu KawasaSingjanten hiji pamuda
pamuda harepan bangsa
bela agama jeung nusa
keur ujang tong asa-asaBeban anu dipayunan
ku ujang bakal kasorang
seueur cobaan rintangan
lamun kurang-kurang imanDidu'akeun ku sadaya
ujang sing janten nu mulya
tukang nulung ka baraya
nyaahna ka balareaSim kuring bade pamitan
ka sadaya nu mayunan
tamat sawer nu nyepitan
cacap dugi ka wekasanMugi ngahapunten wae
margina sim kuring cape
lebih tina basa sae
untung teu kasima oge
No. | : | 2 |
Penutur | : | Odang Ridwan; L |
Umur | : | 40 tahun |
Pekerjaan | : | Juru sawer |
Tempat | : | Bandung |
Jemplang Karang
L Awit'nyebat Asma Gusti
neda rahmat ti Nu Henian
rek medar kabungah hate
reueus pinuh kabagjaan
ayeuna geus mustarina
anaking manjmg rahayu
salamet diberesihan
NimangKeur alit Addy ditimang
mun rungsing diayun ambing
sepuh teh teu weleh mejang
wiang wengi pada ngapingAyeuna Addy tos jangkung
los salamet disepitan
ku wargi diriung-riung
Papah Mamah bungah pisanKa Gusti Mamah ngadu'a
Addy teh sing enggal damang
masing sehat salirana
pait daging pahang tulang