Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/250

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Sing getol netepan
    uiahjongjon teuing ameng
    sing pinter di sakolana
    di bumi ge masing hideng

  2. Sing tumut kana pepeling
    ulah sok bedang wangkelang
    tebihkeun berewit rungsing
    janglarkeun manah gumawang

    Kidung
  3. Pamungkas pangjurung du*a
    Papah jeung Mamah neneda
    Hirup Addy sing jugala
    Diraksa ku Nu Kawasa

  4. Singjadi jalma sawawa
    guna keur nusa jeung bangsa
    gerentesna sartubari
    nyanggakeun ka kersa Gust

No. : 3
Penggubah : Uhi (L)
Juru sawer : Mimin (P)
Umur : 25 tahun
Pekerjaan : juru kawih
Tempat : Subang
  1. Bismillah damel wiwitan
    rrnigi Gusti nangtayungan
    ka Asep nu disepitan
    mugia kasalametan

  2. Salamet Asep ayeuna
    ayeunaatos laksana
    nyumponan kana jangjina
    jangji ka-Islamanana

  3. Islam ngabogaan etri
    eirina tara pahili
    omat ulah bade lali
    parentah anu ti Gusti

  4. Gusti mere tuduh jalan
    dina alam pawenangan
    ulah osok kajongjonan
    ku Asep ganeang teangan

  5. Teangan eusi dunyana
    lamun Asep tos sawawa
    uiah sok sakaba-kaba
    kudu ngagugu ka bapa

  6. Indung anu ngaping
    dijaga beurang jeung peuting
    pikir Asep kudu nyaring
    bapa rek mere pepeling

  7. Pepeling bapa regepkeun
    poma ulah dibaekeun
    diajar kudu sing leukeun
    sangkan bisa ngahartikeun

  8. Hartikeun Asep ayeuna
    bapa mepelinganana
    lebetkeun kana manahna
    ditampi ku gumbirana

  9. Gumbira ibu ramana
    ningal nu janten putrana
    damang dina salirana
    teu kinten mani bingahna

  10. Bingah taya keur ngabanding
    ngaleut ti suklak ti lamping
    ondangan atos sarumping
    ngabrul niani gararinding

241