Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/251

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Ngabrul saparakanca
    hoyong terang ka putrana
    anu disepitanana
    muji sukur sadayana

  2. Muji sukur ka Yang Widi
    putrana mugi abadi
    Sing tiasa mawa diri
    sing jadi jalma nu ngarti

  3. Ku Asep masing kaharti
    catet dina jero ati
    ditampi ku ati suci
    pepeling ti paru wargi

  4. Para wargi sadayana
    disuhunkeun pidu'ana
    putrana hoyong sampurna
    kana pakasabanana

  5. Lamun kasab kana tani
    mugi sing cucud sing uni
    dikadarkeun sugih mukti
    nyukup indung bapa nini

  6. Lamun kasab kana dagang
    dipaparin caang padang
    rikrik gemi bati dagang
    mere maweh ka nu anggang

  7. Mun loyog kana ngawula
    sarupi jadi kapala
    jauhan nu matak bahla
    ka wargi sing bisa bela

  8. Lamun loyog nyantri
    sing bisa mawa pangarti
    supaya jadi pamatri
    diiiring ku suci ati

  9. Suci ati diamalkeun
    kalawan diiaksanakeun
    supaya ulah carekeun
    ambeh euweuh nu ngomongkeun

  10. Lamun ngomong anu baleg
    mun Asep diajar tableg
    ulah jeung tebeberegeg
    sumawonna jeung ngalegeg

  11. Ngalegeg ka babaturan
    moal aya nu maturan
    pikiran jadi kapiran
    bongan salah pangaturan

  12. Pangaturan lamun jujur
    sareng batur tangtu akur
    akuran ka unggal lembur
    sangkan Asep subur ma'mur

  13. Subur ma'mur loh jinawi
    pinterna mawa pangarti
    komo lamun bisa ngaji
    toh eta elmu sajati

  14. Sajati elmu ti Gusti
    ku Asep masing kaharti
    mawana sing ati-ati
    ueap lampah masing surti

  15. Sing surti pikiran
    percaya damel Pangeran
    tuduhan hadits jeung qur'an
    wahyu ka nabi panutan

  16. Panutan urang sadaya
    mani ear balarea
    dibuka sagala aya
    qur'an hadits anu mulya

242