Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/252

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Mulyana hadits jeung qur’an
    nuduhkeun jalan Pangeran
    keur mepes rasa sorangan
    sangkan tiis pipikiran

  2. Pikiran ku hate urang
    da urang bakalna mulang
    lamun hayang ulah ringrang
    sing daek milari luang

  3. Luangna geura dipilih
    nu goreng ulah ditolih
    nu hade masing kapanggih
    sareng batur ambeh rapih

  4. Sing rapih ka rerencangan
    ulah sok aing-aingan
    bok bilih silih benduan
    ahirna papaseaan

  5. Pasea jeung babaturan
    eta teh napsuna setan
    moal aya kauntungan
    tetep dina karugian

  6. Rugi mun ngumbar amarah
    Asep teh ulah sarakah
    ka batur tong nyieun salah
    kudu silih kanyaah

  7. Sing nyaah ka ibu rama
    ulah sok sakama-kama
    tumutkeun parentah agama
    eta nu langkung utama

  8. Utama nyaah ka indung
    ku indung Asep dikandung
    ku bapa diugung-ugung
    bral Asep geura tutulung

  9. Tutulung ulah gagabah
    lamun mikeun ulah salah
    mikeunna ka nu keur susah
    nyumponan kana ibadah

  10. lbadah ku naon bae
    ku beas atawa pare
    ku harta banda ge hade
    komo mun ueapan sae

  11. Sae ucap tingkah laku
    diajar Asep ngabaku
    aya tamu ulah kaku
    diburu geura diaku

  12. Aku pek ku budi basa
    lamun Asep tos dewasa
    sing ageung rasa rumasa
    ka Gusti anu Kawasa

  13. Ngawasa nu Maha Agung
    sing saha bae ditulung
    ku bumi alam dijungjung
    nyaahna kaliwat langkung

  14. Langkung nyaah nu Kawasa
    keur nyaah tambah keresa
    sapangeusi dunya rosa
    sayagi pikeun manusa

  15. Manusa ngan tampa genah
    tuncab-tanceb dina tanah
    Gusti mah da moal ngarah
    ngan keur mahluk unggal sirah

  16. Mahluk nu aya di dunya
    diparab dipikarunya
    euweuh anu dimomonya
    diasih dienya-enya

243