Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/253

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Miasih ka sadayana
    tur gumati ka abdina
    ngariksa tur ngaganjarna
    kumaha bae amalna

  2. Amalkeun kabeh elmuna
    kanyahokeun ka dirina
    masing emut ka gustina
    supaya hirup lugina

  3. Lugina ibu ramana
    sinareng para putrana
    rawuh saparakaneana
    nyicingan lslam sampurna

  4. Sampurna dunya aherat
    disarengan sareng solat
    teguh iman Islam kuat
    Gusli maparinan rahmat
    Amin ya robal alamin
    mugi Gusti nanglayungan

5.2 Puisi Sawer Pengantin

No. : 1
Penggubah : Abandi (L)
Umur : 65 tahun
Pekerjaan : Juru sawer
Tempat : Ciamis

Kidung Dangding Gentra Galuh

  1. Ieu rumpaka ngarumpak rasa
    anu timbul tina rasa
    gumeiar jadi earita
    nyebar di masing-masing kanea
    parakanea nu di desa
    tempo-tempo jeung di kota

  2. Sim kuring teh rada mikir
    anu timbul tina biwir
    nyanggem bari kirang tapsir
    rarat-reret kana gigir
    panangan anu diangkir
    ceg keretasna sacewir
    Asmarandana Kawit

  3. Ouruk lima sareng einggir
    teras nyantel kana pikir
    timbul rasa nu sinelir
    dina keretas sacewir
    jadi adegan ngajegir
    nulisna bari buiigir

  4. Henteu sangka eta baeot
    na hate mani baceo
    tumbulna geugeulis panon
    tj panangan anu buktos
    ngawjud jadi carios
    ku sadaya ge kahartos

  5. Hariring sanes sim kuring
    haleung sanes nu urang
    estu gerentesna hate
    usik malik ku keresa
    dipareng ku nu Kawasa
    manusa teh geuning luhung
    inun terang arti manusa

  6. Manusa kagungan Gusti
    nya jirim anu usikna
    raga badag anu buktos
    basa teh kalangkang rasa
    rasa mah moal sulaya
    niatak awak kedah maphum
    kedah terang kana asal

244