laki rabi masing manjang
muga waluya walagri
Kidung
9. Sakitu nu kapihatur
moal seueur nu diwincik
saeutik tiba patrina
jadi tumbaling paripih
bisi kesel nu ngantosan
sumangga geura lalinggih
Amin ya robal alamin
mugi Gusti nangtayungan.
No. : 3
Penggubah : Ny. Wartika (P)
Umur : 45 tahun
Pekerjaan :Juru Sawer
Tempat : Tasikmalaya
1. Kalayan asma Pangeran
nu Maha Asih Tur Heman
mugi ieu janten jalan
kenging hidayah Pangeran
2. Abdi ayeuna nembean
nyawer anu pangantenan
pamugi abdi sadaya
dipasihan perlindungan
3. Para saderek sadaya
jaler istri anu mulya
darangukeun ka sadaya
amanat ti nu Kawasa
4. Ibu ayeuna nembean
nyawer anu pangantenan
ngawurkeun nasehat heman
jeung nasehat ti Jungjunan
5. Abdi sadayana sukur
ka Allah nu Robbul Gopur
oge ka nabi nu mashur
Muhammad sabage rosul
6. Agus Eulis putra ibu
regepkeun masing taliti
mun aranjeun teu ngagugu
pasti Pangeran teh bendu
7. Takdir ti nu Maha Suci
bet dongkap ka urang pasti
nyata urang laki rabi
patepang pameget istri
8. Sadayana jadi saksi
Ujang Eulis laki rabi
mugia Gusti Maha Suei
jodo aranjeun abadi