Oge urang sakedahna
uninga wiwitanana
kumaha urang kawitna
ti mana urang asalnaGeuning urang keur orokna
gubrag medal ka dunyana
soea lolong duanana
torek nya kitu eepilnaAllah ngaluarkeun urang
tina rahim ibu urang
lengkep jeung paneaindrana
taya kakurangananaKersa AUah geus teu hese
ahirna eeuli ngadenge
panon terus enggal jentre
sareng dipasihan hateUrang teh dibere ati
pandanga jeung paningali
nyata urang ulah lali
ka anu ngadamel diriSaparantosna sawawa
dugi ka rumaja putra
bet pareng aya jodona
teu terang ti mana jolna
Takdir ti nu Maha Suei
bet norojol bae pasti
najan dihalangan gunung
kadar dongkap ti Yang AgungUrang wajib trimakasih
ka Allah nu Maha Asih
laku lampah kedah bersih
ku Allah sing isin ajrihKe Geulis panganten istri
regepkeun masing taliti
Eulis teh nepi ka pasti
kenging rahmat ti Yang WidiLaku lampah sing saluyu
eandak jalan nu raliayu
istrj nu soleh pinasti
dipanga-pongo ku GustiAnaking Geulis sing eling
sing emut kana pepeling
istriku nabi dieguing
pikeun hakna masing-masingIstri sabage permata
disebatkeun na hadisna
manawi kedah iatna
sing terus mernahkeunanaNgaran istri nu sajati
anu taat ka salaki
saban beurang saban peuting
sanajan nepi ka pastiDina jalan anu bener
sanes jalan kabalinger
istri diwajibkeun taat
ka earoge kedah hikmatMun earoge nuju angkat
urang masing sabar kiat
mempertahankeun amanat
kade urang ulah lepatSing tiasa ngajaga diri
kumaha istri sajati
wanita anu hakiki
nu sujud ka Maha Suci
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/257
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
