Mun earoge ngawurukan
regepkeun ulah bengbatait
sumawonna mnn nundutan
atanapi mojototanSabab dawuhan Yang Manon
mun istri sok unclang-anclong
ka earoge sering bohong
pasti ku Allah dibendonNajan geulis tur pereeka
tapi lamun lalawora
ka earoge teu ngawula
pasti haram ka sawargaIstri teh ulahpaeuan
ngidp-ngieip jeung ngasaan
ngalampahkeun kalacuran
nu dilarang ku PangeranMun caroge mulih nyaba
papagkeun ku budi basa
hingga earoge jeung basa
nyaahna kabina-binaAgus kasep putra lbu
eobi ku Agus didangu
mun kasep ngagugu tangtu
bakal pinanggih rahayuKapungkur urang nyorangan
henteu aya nu nyarengan
ngan badan urang sorangan
nu jadi poko pikiranNanging ayeuna mah Ujang
dinten ieu kenging beban
beban Ujang ti Pangeran
urusan di ieu alamRasa salin ti sasari
jeung keur bubujangan tadi
lengkahna ge beda deui
kasusahna tambah deuiAgus sabage pamingpin
tanggung jawab lahir batin.
bagjana jeung eilakana
urang pisan nu nyangganaGarwa teh ulah diabur
ubrang*abring reujeung batur
lamun henteu bisa ngatur
ahima timbul ngalanturIstri lir manuk japati
diabur ka mana mendi
teu daek deingdi bumi
lami-lami palay gantiDa bongan urang sorangan
sok kajeunan jeung antepan
osok asak maneh nyaah
diantep turun ti imahUjang teh imam kahiji
di rumah tangga pribadi
lamun teu bisa ngariksa
engke ku ujang karasaSakituibu pepeling
saeutik teu pati penting
eandakeun Ujang jeung Nyai
mangkahade aranjeun laliMudah-mudahan Pangeran
ka aranjeun mikaheman
dina enggoning rarabi
diaping ku Maha Suci
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/258
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
249
