Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/259

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
No. : 4
Penggubah : Rd. H. Tingting; P
Pekerjaan : Karyawan BP-4
Tempat : Tasikmalaya


  1. Pun sapun ka Sang Rumuhun
    ka Batara ka Batari
    ka Batara Maha Dewi
    nu ngancik di bumi suci
    nu nyaangan alam padang
    jin kahiangandedemit

  2. Neda agung nya paralun
    neda danapangaksami
    agung ka para juragan
    jembar kadang kulawargi
    anu sami ngaluuhan
    mugi ulah kmgkin galih

  3. Jisim abdi bade kaul
    atawa nekanan jangji
    wirehing awaling alam
    nu gumantung dina ati
    manawi pareng laksana
    pinanggih baring supagi

  4. Dikadarkeun panjang umur
    tur makbul maksuding ati
    wirehing awaling azam
    nu gumantung dina ati
    manawi pareng taksana
    pinanggih baring supagi

  5. Hariring ngawih pangrungrum
    ngarungrum nu nembe sumping
    nu sumpiog ti pamidangan
    panganggo siang karoneng
    ting poncorong kawas bentang
    lir emas sinangiing

  6. Baeu Enung jantung kalbu
    dunungan lahir jeung batin
    panutan ibu jeung rama
    baeu Ai geura linggih
    ieu Ama bade miwejang
    ka Ujang reujeung ka Nyai

  7. Rungukeun piwuruk sepuh
    sepuh nu wajib mepeling
    mepeling ka para putra
    ku putra pameget istri
    tampanan ieu piwulang
    piwulang anu peryogi

  8. Sangkana diri rahayu
    rahayu tur manggih mukti
    muktina dunya aherat
    aheratna ulah manggih
    bebendon ti Gusti Alloh
    Alloh nu muparin hurip

  9. Tah ieu Ujang piwuruk
    piwuruk dijieun misil
    misilkeun kana pancuran
    pancuran teh jalan cai
    caina kudu tandean
    tandeanana ku kendi

  10. Kendi saibarat Agus
    cai upamana Myai
    sasaran masing waspada
    ulah sulaya nya ati
    lah ieu Ujang piwejang
    nu anom pameget istri