Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/260

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
No. : 5
Penggubah : Uhi
Tempat : Tasikmalaya


  1. Bismillah damel wiwitan
    mugi Gusti nangtayungan
    Euis Asep nu rendengan
    mugia kasalametan

  2. Salamet nu pangantenan
    ulah aya kakirangan
    sing tiasa sasarengan
    sangkan jadi kasenangan

  3. Sing senang laki rabina
    nu diwuruk pangpayunna
    nya eta bade istrina
    masing dugi kahartina

  4. Hartikeun Eulis ayeuna
    lebetkeun kana manahna
    manawi aya gunana
    nu dipambrih mangpaatna

  5. Mangpaatna lahir batin
    Eulis teh masing prihatin
    ayeuna aya nu mingpin
    ka caroge masing tigin

  6. Tigin Eulis kumawula
    ka raka ulah bahula
    bisi raka meunang bahla
    kudu bisa silih bela

  7. Silih bela jeung caroge
    ulah ngan pelesir bae
    mending oge boga gawe
    ngarah rapih unggal poe

  8. Repeh-rapih nu saimah
    rumah tangga tumaninah
    tapi lamun loba salah
    laki rabi moal genah

  9. Bisi teu genah ku raka
    prak wae wacea balaka
    lamun raka goreng sangka
    buru-buru bawa suka

  10. Suka-suka ti ayeuna
    da Eulis atos laksana
    ngajodo anu sampurna
    ngahiji salamina

  11. Salamina sareng dulur
    Eulis kudu bisa akur
    akuran ka unggal lembur
    sangkan jadi buah catur

  12. Mun catur sing seueur bukur
    ulah ngan kalahka saur
    napsuna ulah takabur
    hirup resep loba batur

  13. Sareng batur kudu jujur
    layeut reujeung nu sakasur
    runtut raut salelembur
    nagara ge subur ma’mur

  14. Subur ma’mur sauyunan
    mun aya tamu payunan
    tapi ulah timburuan
    bok bilih silih benduarr

251