Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/261

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Ngabenduan ka caroge
    ngan ulah paseabae
    enggal atuh geura hade
    ambeh geugeut saban poe

  2. Lugina dunya aherat
    Gusti maparin rahmat
    kana waktu ulah elat
    disarengan silih hormat

  3. Saban poe nlah lali
    titik rintih suei ati
    tembongkeun sing bear budi
    eiri nyaah ka salaki

  4. Silih hormat ka sasama
    sing nyaah ka ibu rama
    lakonan parentah agama
    tangtuna hirup sugema

  5. Lalaki mun sok nyandung
    omat ulah waka pundung
    komo lamunbari gingung
    keun antep sina ngaberung

  6. Sugema hirup di dunya
    nya eta kudu tatanya
    rek nyanya pek ka nn enya
    badanna bumditanya

  7. Ngaberung tong dihalangan
    asal eukup sandang pangan
    sinalilirku sorangan
    sangkan panggih kasenangan

  8. Tanya bae ku hatena
    tah eta pikeun saksina
    saksi diri pribadina
    nu tarajalir jangjina

  9. Senangkeun Eulis pikiran
    pikiran didadasaran
    tukuh muntangka Pangeran
    supaya meunang ganjaran

  10. Mun jangji anu ngajadi
    eta jangji anu pasti
    pastijodo ti ajaJi
    pikiran eengeng ka Gusti

  11. Ganjaran ti Maha Suei
    enggal atuh gpura tampi
    ayeuna Eulis ngahiji
    sakapeurih sakanyeri

  12. Gusti mah teu weleh nyaksi
    nyaksi gerentesna ati.
    ueap lampahna kasaksi
    satineak-tineakna pasti

  13. Sakenyerijeung salaki
    mun Eulis seueur rejeki
    poma ulah sok kumaki
    masing tumut ka salaki

  14. Hartikeun masing karaos
    ulah luasduisdeos
    sumawonna poporongos
    pilari jalan nu raos

  15. Tumutkeun Eulis ayeuna
    ayeuna tos laksana
    laksana datang jodona
    hate bangblas laiugina

  16. Raoskeun jaga ku Eulis
    Eulis ulah sok gumeulis
    najan geulis.bari ledis
    ninggang mangsa titis tulis

252