Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/262

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Titis tulisbagja diri
    patokan nu ti ajaii
    kajeun siga widadari
    da moalbeunarig dibeuli

  2. Dibeuli ku harta banda
    da moal bisa kajaga
    nu tangtu bakal ngaduda
    nyicingan di alam baqa

  3. Alam baqa kalanggengan
    ianggeng rasa ka Pangeran
    supaya ulah rayungan
    ngabogaan papaeangan

  4. Boga rasa kudu ngarti
    tata-titi surti arti
    kudu silihbeuli ati
    pikiran dadameian Gusti

  5. Gusti Allah nu Kawasa
    tigayakeun dunya tiasa
    pepek eusi dunya rosa
    sayagi pikeun manusa

  6. Manusa mahluk punjulna
    palinter pangabisana
    ngakalan eusi dunyana
    nu kantun tumarimana

  7. Tumarima ka Pangeran
    tumutkeun kana dawuhna
    qur’an hadis tuduh jalan
    ti para nabi panutan

  8. Panutan urang saadaya
    poma ulah rek cangcaya
    sadaya kudu percaya
    ka Gusti nu Maha Mulya

  9. Mulyana nu Maha Agung
    singsaha bae ditulung
    ku bumi alam dijungjung
    nyaahna kaliwat langkung

  10. Nyaah bae nu Kawasa
    ka masing-masing manusa
    ulah dir gagah perkosa
    bisi urang loba dosa

  11. Dosa mah ti pada jalma
    welas asih ka sasama
    tnieinta ka lemah eai
    layeut jeung batur sabumi

  12. Sing layeut laki rabina
    ulah aya kueiwana
    silih anteur kahayangna
    akur reujeung barayana

  13. Mun akur ka sadayana
    tĕmbongkeun budi basana
    nu bener tingkah polahna
    supaya hirup sampurna

  14. Sampurma Euis ayeuna
    yap kadieu pamegetna
    bapa bade ngawurukan
    diregepkeun ku Asepna

  15. Regepkeun teh ku hatena
    bapa mepelinganana
    tadina Asepngaduda
    ayeuna mah gaduh garwa

  16. Sareng garwa kedah layeut
    sing rapet saperti leugeut
    poma ulah pikir heureut
    sangkan silih pikameumeut

253