Mikameumeut sareng bojo
laksana sareng ngajodo
tapi lamun ngabobodo
bojo moal mikasonoMun sono Asep ka istri
sing pageuli saperti pati
eampur gaul areng santri
kalayan ati nu suciNu suei pasti beresih
tara aya nu dipamrih
ka bojo teu weleh asih
sagala sareng pamilihPilih ku Asep ayeuna
nya pek tanya ku hatena
nu goreng jeung nu hadena
sing karasa ku dirinaDiri pangasih Gustina
Gusti mah moai nyiksana
moal bade ngaganjarna
kumaha bae amalnaAmal hade tangtu genah
laki rabi tumaninah
lamun amal anu salah
jaga baris nyorang susahSusah lamun teu ngarobah
nu ngajak ngarah ngarinah
napsu nu mawa sarakah
pek atuli pake ibadahMun ibadah anu tangtu
bagikeun ka nu pahatu
mikeunna tong ragu-ragu
bilih istri janten benduBendu istri Asep bingung
ulah waka sok ditundung
lamun istri terus pundung
pangmeserkeun geulang kalungGeulang kalung serba sae
enggal atuh geura angge
dianggena saban poe
nu kantun pelesir baePelesir Euis ka kota
tah bawa duit sajuta
mun aya kahayang menta
tatapi ulah lahutaLahuta aya kahayang
nyariosna ngagorolang
nu bakal moal kasorang
pikir anu mawa bimbangBingbang lamun sok sulaya
mikahayang nu teu aya
ahirna pakia-kia
ngajauhan ka barayaBaraya lamun ngahiji
eta nu langkung utami
hubungan anu sajati
ngariung sapara wargiWargi Asep sadayana
sakitu mikadeudeuhna
barungah dina manahna
nu janten ibu ramanaIbu rama ngiring du’a
Asep ngagaduhan garwa
istrina lamun satia
hiji bae entong dua
254254