Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/264

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Ngadua gaduh istrina
    moal beres salamina
    pakuemt rumali tanggana
    mun teu eoeog jeung agama

  2. Era atuh ku tatangga
    sapopoe ngan pasea
    ku istri dipikangewa
    ku tatangga dilelewa

  3. Lamun boga harta banda
    sing kuat nahan gogoda
    bisi kagoda ku randa
    pikir heula jero dada

  4. Pikir Asep sing waspada
    supaya teu ngarasula
    mun keukeuh pikir ngadua
    akibat jadi pasea

  5. Pasea jeung pamajikan
    napsu setan barangasan
    teu ngajadi kauntungan
    tetep dina karugian

  6. Rugi lamun ngumbar napsu
    napsu pangajak nu palsu
    ngaranjing ngajadi asu
    nu tangtu badan kalangsu

  7. Kalangsu bongan sorangan
    osok daek ririungan
    mimitina heuheureuyan
    dina tempat pamaenan

  8. Maen dadu maen kartu
    eleh meunang taean tangtu
    mun meunang udud surutu
    meun eleh ngobral sapatu

  9. Ngobral barang kawalahan
    harta banda dijualan
    di imah awut-awutan
    lebur aneur bebeakan

  10. Beak duit dipikiran
    eleh maen kawalahan
    tapi keukeuh panasaran
    napsu teu beunang ditahan

  11. Ditahan henteu katahan
    dipikir terus-terusan
    datang napsu panasbaran
    setan iblis ngadeukeutan

  12. Setan nu ngajak jarambah
    nu mawa kana sarakah
    dipake kana awuntah
    disorang napsu nu rucah

  13. Rucahna antep-antepan
    teu ngareret rerencangan
    cicing dina palacuran
    teu inget ka pamajikan

  14. Pamajikan teu direret
    duit metet dina dompet
    tapi mere kekerehet
    ku tarik-tarikna pelet

  15. Kapelet ku pamakena
    pabeulit pikirananana
    teu karasa ku dirina
    diumbar bae napsuna

  16. Napsuna ngaberung
    teu aya anu dirarung
    miboga rasa adigung
    tungtungna ripuh bingung

255