Bingung bongan osok salah
teu bisa nahan amarah
jangji ka batur sok gaplah
teu inget kana papatahPapatah ti para sepuh
ulah boga rasa angkuh
mun jangji kudu sing tukuh
ueap lampah masing ampuhMasing ampuh ti ayeun
sing bisa mawa hirupna
jauhkeun napsu gorengna
deukeutkeun napsu hadenaNyaah deudeuh mikasono
eiri pola kanggo conto
mangkahade ulah poho
bojo teh bawa lalajoDeudeuh teuing putra ibu
omat tongngalajurnapsu
ulah maen laeur ngadu
mun bener nyaah ka ibuLalajo bari pelesir
tingali sisi basisir
sugan awas tina pasir
alam dunya geura taksirGeura taksir pangaturan
dadameian Pangeran
aya gedong matak heran
luhur pageuh nanakeranTeu ngaruag teu ngarieg
Sakitu eusina uyek
pirang-pirang nu ngaleyek
tapi henteu ngarempeyekYa Allah anu ng$yuga
ieu alam ngan nyalira
bumi langit ge tohaga
eusina mani poharaEusi dunya warnarwarna
cahaya panonpoena
sato tatangkalanana
cawisan keur manusanaManusa maruji sukur
ka Gusti Allah nu ngatur
panganten sing subur ma’mur
kalayan hirupna jujurMasing jujur sahaluan
ayeuna Asep duaan
ulah aya paeengkadan
sing bisa silih belaanBela pati jiwa raga
dunya katut aheratna
ku Asep kudu dijaga
sangkan Eulis gumbiranaGumbira nu pangantenan
papatah tamba lumayan
ka Eulis Asep lenyepan
nyawerna tereh lekasanNyawer teh turun tumurun
tuturunan ti karuhun
pamugi ulah dikantun
sawer turun hatur nuhunSawer hartina panggeuing
papatahgeura nyararing
dangdingbari ngahariring
pepeling masing areling
256