Areling urang sadaya
ka Gusti Allah nu Mulya
ulah aya panca baya ’
sadaya mugi waluyaWaluya para wargina
weruh para pangantenna
gumuruh rasa batinna
caang hate ka GustinaGusti abdi nuju nuhun
ngumbara mangtaun-taun
ku bumi alam dilahun
ni’mat kateda kasuhunDuh Gusti nu langkung heman
mugi sadaya sing iman
nya netepan kaislaman
mugi maot mawa imanBapa teh nyawer parantos
mung kantun bade wawartos
ka ondangan nu ngarantos
mugi sami pada ngartosPada ngartos sadayana
nu dicarioskeunana
lebetkeun kana manahna
naripong jalan sampurna
No. | : | 6 |
Penggubah | : | Omo Kartamihardja |
Umur | : | 60 tahun |
Pekerjaan | : | Pensiunan Pamongpraja |
Tempat | : | Tasikmalaya |
Dangdanggula
Eling-eling Nyai mangka eling
ka piwuiang ulah kamapalang
sugan meunang pitulung
mangka eling beurang peuting
wulang pangundang mama
ulah rek dibandang
dedengkatan sasarengan
mun disidem sasatna henteu ditampi
wulang mama anu melangKitu deui Nyai mangka eling
dipiara ku ibu rama
sumawonna ku earoga
dipiara beurang peuting
diwarah jeung diurus
supaya rahayu
Nyai sing gede milikna
ka rama rek ka ibu pon pilalagi
ulah kurang narimakeunanaNya eta ku peta anu lantip
hade budi sabar jeung tawekai
soea sing geten tulaten
ka panutan sing tuhu
poma Nyai ulah rek lali
sumawonna lamun bedang
napsu kudu dibendung
lampah pundungan pindingan
samawonna aya eela ti salaki
dek galak kudu ditulakKitu deui masing telik
pilih mangsa kapalayna raka
sarta sing jae pasemon