naon nu pakeus lulus
sampurnana pameuli ku ati
sing titi pranata
cutat ilmu ratu
hurmatanana ka raka
salawasna budi henteu leungit manii
rendah Iir palamarta
Tuang raka kudu dipigusti
angken guru dunya jeung aherat
mama mah enggeus sumeleh
tuang ibu pon nya kitu
geus teu wajib sejen nu nyangking
ka salira tnung darma
nu ngayuga linung
anging pamungpung pangdu’a
mugi-mugi ka Gusti nu Maha Suei
masingna bisa rimbitanKitu deui mungguhing di istri
nu rimbitan sing gede wiwaha
ulah sok daek ngalaneong
unjung-anjang henteu puguh
jaba inun parentah salaki
jeung paeuan pisan
daek mang-riung
jeung istri tutur awuntah
luas-leos amengan ka inana mendi
eta teh kudu singkatanNgan sakitu mama nya mepeling
ka si Nyai reujeung ka si Ujang
sing leukeun ulah talangke
pasti jadi lulus mulus
enggoning nu laki rabi
jauh tina musibat
sapanjangna lulus
ginanjar karahayuan
mugi-mugi ka Gusti nu Maha Suci
masing arawet jadinaNeda agung nya paralun
neda jembar pangaksami
agung ka para bapa
jembar kadang kulawargi
mugi ulah jadi manah
atanapi kingkin galihJisim abdi amit kaul
atawa nekanan jangji
wirehing anaking mama
gumantung di alam ieu
manawi pareng laksana
pinanggih bareng supagiDikadarkeun panjang umur
dikabul maksuding ati
nikahkeun ieu pun anak
anu pameget nu istri
disawer ku beas jenar
sarta bari ngahariringHariring kawih pangrunmrum
ngarumrum anu sumping
anu sumping mulih nikah
panganggona siang kuning
ting poneorong siga bentang
humng lir emas sinanglingMendung-mendung payung agung
marakbak aleutan genjring
sunggingan er emas rojong
kadang wargi sami sumping
nawiskeun manahna terang
terangna ka anu sumping
258