Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/268

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Duh Ujang buahing kalbu
    jungjunan lahir jeung batin
    dummgan ibu jeung mama
    hiap Euiis geura linggih
    ieu ama tas mepeling
    nu anom pameget istri

No. : 7
Penggubah : E, Rukmint (P)
umur : 45 tahun
Pekerjaan : Juru Sawer
Tempat : Tasikmalaya

Asmarandana

  1. Neda agung pangaksami
    ka sadaya para mitra
    bade heula nyelang nyawer
    etang-etang ngiring bingah
    ka anu nembe nikah
    mugs rarabina muius
    tebih tina paeengkadan

  2. Lakuning jalma utami
    neblhan sugri lorangan
    tur ngalampalikeun papagon
    nu kaunggel dina qur’an
    tara wantun nyulayaan
    kana patokan nu tangtu
    sarat rukunna oganta

  3. Unggelna anu diaji
    dina enggoning gumelar
    supados maksadna eces
    puguh pulunganeunana
    manawi jadi tuladan
    salamina urang hirup
    rumingkang di ieu alam

Kidung

  1. Kalayan asma Pangeran
    nu Maha Asih tur Heman
    mugi ieu janten jalan
    kenging hidayah Pangeran

  2. Abdi ayeuna nembean
    nyawer anu pangantenan
    pamugi abdi sadaya
    dipasihan perlindungan

  3. para saderek sadaya
    jaler istri anu mulya
    darangukeun ku sadaya
    amanat ti nu Kawasa

  4. Abdi sadayana sukur
    ka Allah nu Robun Gopur
    oge ka nabi nu mashur
    Muhammad sabage rosul

  5. Ibu ayeuna ngawitan
    nyawer anu pangantenan
    ngawurukkeun nasehat qur'an
    jeung nasehat ti Jungjunan

259