Agus Eulis putra iby
regepkeum masing saestu
mun aranjeun teu ngagugu
pinasti Pangeran benduTakdir ti nu Maha Suci
bet dongkap ka urang pasti
nyata uang laki rabi
patepang pameget istriDiriung ku sadayana
ondangan ti mana-mana
nu anomna nu sepuhna
pameget sareng istrinaSadaya jadi saksi
Ujang Eulis laki rabi
mugi Gusti Maha Suci
jodo aranjeun abadiOge urang sakedahna
uninga wiwitanana
kumaha urang kawitna
ti mana urang asalnaGeuning urang keur orokna
gubrag medalna ka dunya
soca lolong duanana
torek nya kitu cepilnaAllah ngaluarkeun urang
tina rahim ibu urang
lengkep jeung pancaindrana
taya kakurangananaKersa Allah geus teu hese
ahirna ceuli ngadenge
panon terus ningal jentre
sareng dipasihan hateUrang teh dibere ati
pandanga jeung paningali
nyata urang ulah lali
ka anu ngadamel diriSaparantosna-sawawa
dugi ka rumaja putra
bet pareng aya jodona
teu terang ti mana jolnaTakdir ti nu Maha Suci
bet norojol bae asto
najan dihalang ku gunung
kadar dongkap ti Yang AgungUrang wajib trima kasih
ka Allah nu Welas Asih
laku lampah kedah bersih
ku Allah sing isin ajrihHe geulis panganten istri
regepkeun masing taliti
Eulis teh nepi ka pasti
kenging rahmat ti Yang WidiAnaking geulis sing eling
sing emut kana pepeling
istri ku Nabi digeuing
pikeun hakna masing-masingLaku lampah sing saluyu
candak jalan nu rahayu
istri nu soleh pinasti
dipangga-ponggo ku GustiIstri sabage permata
disebatkeun na hadisna
numawi kedah iatna
sing leres mernahkeunana
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/269
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
260
