Ngaran istri nu sajati
anu taat ka salaki
saban beurang peuting bakti
sanajan nepi ka patiDina jalan anu bener
sanes jalan kabalinger
istri diwajibkeun taat
ka caroge kedah hidmatMun caroge nuju angkat
urang masing sabar kiat
mempertahankeun amanat
kade urang ulah lepatSing yasa ngajaga diri
kumaha istri sajati
wanita anu hakiki
nu sujud ka Maha SuciSabab dawuhan yang Manon
mun istri sok unclang-anclong
ka caroge sering bohong
pasti ku Allah dibendonMun caroge ngawurukan
regepkeun ulah bengbatan
sumawonna mun nundutan
atanapi molototanNajan geulis tur perceka
tapi lamun lalawora
ka caroge teu ngawula
pasti haram ka sawargaIstri teh ulah pacuan
ngicip-ngicip jeung ngasaan
ngalampahkeun kacurangan
nu dilarang ku PangeranMun caroge mulih nyaba
papag ku budi jeung basa
hingga caroge ngarasa
nyaahna teu asa-asaAgus kasep putra ibu
eobi ku Agus didangu
mun kasep ngagugu tangtu
bakal pinanggih rahayuKapungkur urang nyorangan
henteu aya nu nyarengan
ngan badan urang sorangan
nu jadi poko pikiranNanging ayeuna mali Ujang
dinten ieu kenging beban
beban Ujang ti Pangeran
uruseun di ieu alamRasa salin ti sasari
jeung keur bubujangan tadi
lengkahna ge beda deui
kasusahna tambah deuiAgus sabage pamingpin
tanggung jawab lahir batin
bagjana jeung cilakana.
urang pisan nu nyangganaGarwa teh ulah diabur
ubrang-abring reujeung batur
lamun henteu bisa ngatur
ahirna timbul ngalanturIstri lir manuk japati
diabur ka mana-mendi
teu caek cicing di bumi
lami-lami palay ganti
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/270
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
261
