Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/272

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Sarta kudu bisa ngasuh
    ibarat jadi kamudi
    sangkan mulus rumah tangga
    caroge kudu diaping
    niun nyorang kabalahgahan
    bere wawadi panggeuing

  2. Pameget jarining pancum
    pamatri nu tigin ati
    nyumponan kapamegetan
    ngupaya nyiar rejeki
    keur napakah rumah tangga
    teu jejerih ku kapeurih

  3. Ulah marugul ngaberung
    ngajujur sakarep ati
    ka gurwa kudu satia
    ulah mangduakeun pikir
    niun garwa aya luputna
    wurukan sing rintih-rintih

  4. Tah eta anu sakitu
    galeuhna nu laki rabi
    pameget pageuh pancuhna
    nu istri tuhu babakti
    tanwande layeut jadina
    moal ririwit berewit

  5. Moal katalikung bingung
    moal kabeulit kasulit
    lian ti nu geus biasa
    kasusah nu teu mateni
    anu geus jamak ilahar
    bagian anu kumelip

  6. Ulah nguyung ku nu umum
    ulah sedili ku nu galib
    sarerea ge biasa
    nyorang bungah jeung kasedih
    tara suka salawasna
    tora sedih unggal dami

  7. Asal ulah petot emut
    bakti puji ka Yang Widi
    ulah cul kana agama
    nu jadi tatali asih
    manusa tukang ibadah
    ku Allah tangtu diasih

  8. Teu aya gunung patilung
    teu aya gudang rejeki
    nitenan ari pelingna
    ngan ti Gusti Yang Widi
    mana ulah dijauhan
    malah sing nepi ka dalit

  9. Cekapkeun bae sakitu
    mugia hidep anaking
    panjang punjung panjang yuswa
    jauh pahla parek rijki
    ginanjar kawilujengan
    amin ya robal alamin

263