No. | : | 9 |
Penggubah | : | Okib; (L) |
Pekerjaan | : | Guru dan juru kawih |
Tempat | : | Tasikmalaya |
Kalayan asma Pangeran
anu Maha Asih tur Heman
mugi ieu jantenjalan
kenging hidayah PangeranAbdi ayeuna nembean
nyawer anu pangantenan
pamugi abdi sadaya
dipasihan palindunganPara saderek sadaya
jaler istri anu mulya
darangukeun ku sadaya
amanat ti nu KawasaIbu ayeuna ngawitan
nyawer anu pangantenan
ngawurkeun nasehat qur'an
jeung nasehat ti JungjunanAbdi sadayana sukur
ka Alloh nu Robbun Gopur
oge ka Nabi nu mashur
Muhammad sabage rosulAgus Eulis putra ibu
regepkeun masing saestu
mun aranjeun teu ngagugu
pinasti Pangeran benduTakdir ti nu Maha Suci
bet dongkap ka urang pasti
nyata urang laki rabi
patepang pameget istriDiriung ku sadayana
ondangan ti mana-mana
nu anomna nu sepuhna
pameget sareng istrinaSadayana jadi saksi
Ujang Eulis laki rabi
pamugi ka Maha Suci
jodo aranjeun abadiOge urang sakedahna
uninga wiwitanana
kumaha urang kawitna
ti mana urang asalnaGeuning urang keur orokna
gubrag medalna ka dunya
soca lolong duanana
torek nya kitu cepilnaAlloh ngaluarkeun urang
tina rahim ibu urang
lengkep jeung paneaindrana
taya kakurangananaKersa Alloh geus teu hese
ahirna ceuli ngadenge
panon terus ningal jentre
sareng dipasihan hateUrang teh dibere ati
pandangan jeung paningali
nyata urang ulah lali
ka anu ngadamel diri