Saparantosna sawawa
dugi ka rumaja putra
bet pareng aya jodona
teu terang ti mana jolnaTakdir ti nu Maha Suci
bet norojol bae pasti
najan dihalang ku gunung
kadar dongkap ti Yang AgungUrang wajib trimakasih
ka Alloh nu Welas Asih
laku lampah kedah bersih
ku Alloh sing isin ajrihHe geulis panganten istri
regepkeun masing taliti
Eulis teh nepi ka pasti
kenging ralimat ti Yang WidiAnaking geulis sing eling
sing emut kana pepeling
istri ku Nabi digeuing
pikeun hakna masing-masingLaku lampah sing saluyu
candak jalan nu rahayu
istri nu soleh pinasti
dipangga-ponggo ku GustiIstri ibarat permata
disebatkeun na hadisna
numawi kedah iatna
sing leres mernahkeunanaNgaran istri nu sajati
nu taat ka salaki
saban beurang peuting bakti
sanajan tepi ka patiDina jalan anu bener
sanes jalan kabalinger
istri diwajibkeun taat
ka caroge kedah hidmatMun caroge nuju angkat
urang sing sabar kiat
mempertahankeun amanat
kade urang ulah lepatSing yasa ngajaga diri
kumaha istri sajati
wanita anu hakiki
nu sumujud ka salakiSabab dawuhan Yang Manon
mun istri sok unclang-anclong
ka caroge sering bohong
pasti ku Alloh dibendonMun caroge ngawurukan
regepkeun ulah bengbatan
sumawonna mun nundutan
atanapi molototanNajan geulis tur perceka
tapi lamun lalawora
ka caroge teu ngawula
pasti haram ka sawargaIstri teh ulah pacuan
ngicip-ngicip jeung ngasaan
ngalampahkeun kacurangan
nu dilarang ku PangeranMun caroge mulih nyaba
papagku budi jeung basa
hingga caroge ngarasa
nyaahna teu asa-asa
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/274
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
265
