disuhunkeun pisan pangaksami
bilih aya kalepatan
sing agung nawakup
tangtos seueur kakirangan
margina mah estu sanes tukang dangding
dumehna kapaksa pisan
Nyai kedah tenang pikir
reh ayeuna tos kagungan raka
poma ulah rek toledor
sing emut kana hukum
taat siang sinareng wengi
tina sagala hal kedah kersa tumut
kajabi anu dilarang
nu henteu petuk sareng agami
eta mah taya pamenganTah nu bieu eta nomer hiji
kaduana nurut kana hakna
ti batan ka anu sejen
katilu ngahormat perlu
ka salaki ka wargi pamili
ari kaopatna karidoan kalbu
anu matak bingah raka
kana manah anu matak henteu pusing
ari nu kalimanaDina sadaya urusan Nyai
kedah ngadamel nu saluyuan
poma masingna waspaos
sanaos aya perlu
kedah mundut heula widi
bilih aya matakna
ahirna matak kaduhung
ulah salah di urang
kedah bae urang nyuhunkeun permisi
eta taya salahna