Genep ngahargaan ka salaki
kana jasana jeung tanagana
supaya jadi beres
ulah rek salingkuh
mun aya pamere salaki
sanajan teu loba
sing bingah sumujud
katujuh siapsadia
ngalakon kapentinganana salaki
nu henteu mewah ti syaraTah sakitu papatah teh Nyai
ulah dijieun rasa mokaha
bubuhan nu jadi kolot
henteu weleh ringrang bingung
sieun pisan jadi jalir
utah ngawiwirang
ngawula sing junun
ibu raja sadayana
sinarengan sadayana kulawarga
ka Nyai pada ngadungaSanwangsulna pameget ka istri
kedah nganggo adab tatakrama
nyumponan kana papagon
budi basa sing alus
ulah aya anu matak nyeri
boh tina kasauran anu matak nyentug
sing ageung tinimbangan
bilih aya kalepatanana istri
poma ulah kasarKawajiban nu jadi salaki
nyandak kana jalan kasaean
estuning eta teh abot
dunya aherat ditanggung
da tos kitu eta pasti
kedah pisan wayahna
sing tiasa nungtun
eta teh nomer duana
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/277
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
268
