Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/278

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    nomer tilu pameget pasti ngadidik
    ngajarkeun sagala hak

  1. Nu patali jeung agama misti
    dingurus kamasarakatan
    prakna manah kedah rido
    kaopatna eta kitu.
    salamina ihtiar
    nu suci supaya saluyuan
    nu mtakkayungyun
    dina sagala urusan
    eta matak repeh rapih sareng istri
    kagenep ngahargaan

  2. Tujuh lanun langkung ti kahiji
    kedah adil sami nyaahna
    margi eta sami bae
    tina soal kabutuh
    ulah pisan geureuh saeutik
    sumawonna hak-hakna
    eta oge kitu.
    tangtu cilaka di ahir
    mo mendak kasenangan

    Sinom
  3.  Piwulang ka duanana
    masing bisa silih asih
    enggoning dina rimbitan
    supaya ulah berewit
    atawa loba kapusing
    masing raut runtut jujur
    ulah aya kueicawana
    siang sinareng wengi
    pada cinta pada silih pikanyaah

  4. Silih hormat pikaheman
    ka dua pihak pamili
    supaya jadi sampurna
    sajeroning laki rabi

269